Carita Fiksi
nyaéta carita rékaan dumasar kana imajinasi hiji
pangarang, dimana carita di jerona jadi ngeusi alatan ‘imajinasi’ atawa implengan, sawangan jeung kamotékaran dina
nempatkeun rasa dina carita ti anu
nulisna, anu biasana dieusi ku budaya, pangalaman batin, filsafat,
kaagamaan, jeung kasang tukang panulisna.
Carita
Fiksi mangrupakeun salahsahiji widang sastra anu mintonkeun imajinasi
pangarangna. Imajinasi pangarangan carita fiksi
diolah dumasar kana pangalaman , pamadegan, udagan, wawasan, sarta neuleuman
rupa-rupa kajadian , boh kajadian nyata jeung kajadian rékaan wungkul.
Ciri-ciri carita fiksi
upami diwincik, jadi sababraha bagéan, nyaéta :
- Sipatna rékaan / hasil imajinasi /
implengan pangarangna
- Miboga kajadian nyata anu relatif / can tangtu benerna
- Basa nu dipakéna miboga sipat konotatif / teu saujratna
- Teu maké aturan anu baku /
ngageuleuyeung
- Udaganana kana émosi / rasa anu
macana
- Conto : Novel, Carpon, Carnyam,
Fiksi mini
- Ilaharna dieusi ku pesen moral /
talatah
Bagbagan Carita Fiksi
Bagbagan ugeran dina carita fiksi novel jeung carpon
taya bédana, anu jadi pangrobédana mung dina lobana kecap. Gemblengna, bagbagan
anu ngawangun carita fiksi dina novel diwangun ku abstrak, orientasi, komplikasi, évaluasi, resolusi,
jeung siloka/koda.
Namung
teu sakedik carita dina novel anu saukur deusi ku bagbagan orientasi,
komplikasi, évaluasi, jeung resolusi wungkul. Wincikan tina éta bagbagan nyaéta
:
- Abstrak : Bagéan
ieu disebut ogé cangkang, teu penting teuing dina nyaritakeunana, bisa
diayakeun atawa dileungitkeun. Bagéan ieu mangrupakeun saripati/inti tina
carita fiksi.
- Oriéntasi : Bagéan
ieu mangrupakeun hiji bubuka kana téma, nu ngalalakon jeung tempat kajadian,
ogé mangrupakeun carita munggaran dina carita fiksi.
- Komplikasi : Nyaéta
puncakna tina carita fiksi, sabab di bagian ieu mimiti mucunghul rupa-rupa
masalah.
- Evaluasi : Nyaéta
bagéan anu medar ngaréngsékeun jeun memenah pasualan dina carita.
- Résolusi : Bagéan
anu eusina ngungkulan dina ngaréngsékeun pasualan anu karandapan ku nu
ngalalakon.
- Koda/Reorientasi/Kamandang : Bagéan
anu ngandung talatah/panggeuing positif anu bisa dicandak dina carita fiksi.
Aya
sababaraha hal anu kudu dititénan sangkan leuwih gampil dina nyieun carita
fiksi, nyaéta :
1.
Téma Carita
Nangtukeun
hiji téma anu bakal jadi jejer dina ngadamel hiji carita fiksi, ilaharna aya
sababaraha téma anu sok dijieun dina carita fiksi, diantarana : ngayas, sosial,
kulawarga, kriminal, silat, atawa téma anu bisa katingali ku kanyataan anu
macana.
Ditarékahan
sangkan ulah nyieun tema anu mancawura atawa teu puguh kana naon eusi caritana,
balukarna eusi carita teu ngeuna dina pamustunganana keur anu macana, tur
katingali éta carita dijieun asal-asalan.
2.
Rhema/Alur/Jalan Carita
Jalan carita
kudu atra/jelas nempatkeunana, éta pisan anu diperlukeun, panulis kudu apal
iraha hiji masalah mimiti dicaritakeun, sabab masalah/konflik utama
mangrupakeun gurat badagna carita fiksi, jeung kumaha hiji carita ieu
pamustunganana luyu jeung pamanggih anu nyieunna. Ulah nepika jalan carita
acak-acakan teu ngéntép seureuh, balukarna anu maca koleng/bingung, naon jadi
cukang lantarannana jeung naon inti caritana. Tangtukeun deuih ku panulis,
kumaha bisa nyieun pamustungan éta carita.
3.
Nu ngalalakon/Tokoh/Karakter
Hal ieu anu
paling penting dina carita fiksi, sabab nu maca tangtu bakal kabawa jauh ku
rupa-rupa hal ngeunaan nu nalalakon dina éta carita, ku kituna ulah loba teuing
nyieun tokoh, kudu atra kalakuan, sipat, karakter, dedegan, kaayaan jeung
petana dina carita. Maksudna, sangkan anu maca apal tur walatra réhna éta
carita lain saukur tulisan biasa tur saayana, tur teu éléh ku carita pangalaman
anu saenyana. Jadi anu maca bisa ngarasa, yén nu ngalalakon éta bisa aya di
kieuna.
4.
Tempat Kajadian
Jieun
sajéntréna ku tulisan ngeunaan tempat, kaayaan jeung wengkuan/ruang lingkup di
sabudeureun tokoh/carita, ku kituna anu nulis bisa nyawang/ngabayangkeun latar
tukang/background sacara atra tur nyata, kitu deuih anu macana, bisa
ngarasakeun kaayaan tur jalan carita anu teu diréka-réka di jero éta carita.
5.
Gaya Basa
Aya kalana
anu nulis carita fiksi ayeuna osok resep kénéh maké gaya basa sastra heubeul
atawa gaya basa kakiwarian/modern, bakal leuwih hadé nalika éta carita dieusi
ogé ku kecap-kecap puitis atawa paribasa sangkan eusi carita leuwih metot ka nu
macana. Namung hal anu pangpentingna nyaéta ngagunakeun kecap atawa unggara anu
ngageuing, ngainspirasi jeung anu macana bisa nuturkeun emosi anu
dipikahayang ku pangarang, sarta méré pesen anu alus/positif jeung
ngawangun/konstruktif.
Dina gaya
basa ieu, teu salawasna kudu maké éjaan anu sampurna (EYD, ceuk basa
Indonésiana mah), sabab loba carita fiksi anu dibungbuan ku sababaraha kecap
gaul atawa ungkara lianna anu luyu keur ngarojong hiji paguneman/obrolan dina
éta carita, bisa ogé ditambahan ku basa wewengkon.
Dicutat tina :