Rabu, 17 Januari 2018

ENGANG / SUKU KATA



Engang nyaéta bagéan anu ngawangun kecap anu magrupakeun sempalan tina kecap dina hiji engap / rénghap napas, dimana raket patalina jeung pola tur wangunan kecap. Dina Basa Indonesiana mah disebut suku kata


Engang anu kecap tungtungna ku vokal disebut engang buka / suku buka (ra-ha-yu), nalika kecap tungungna konsonan disebut engang tutup / suku tutup (san-cang).



Adegan Engang


Adegan engang nyaéta wangun engang disawang tina susunan foném anu jadi pangwangunna. Adegan engang mangrupa vokal, atawa pabaurna vokal jeung konsonan dina ngawangun engang (silaba). Jadi, adegan engang téh raket patalina jeung pola katut wangunan engang.





Pola Engang


Pola atawa sistem engang basa Sunda anu nyokot dina kecap biasa dirumuskeun kieu.

1.   Kecap-kecap asal dina basa Sunda aya nu diwangun ku :
a)  
Saengang (ekasuku), conto kecap : jeung
     b)   Dua engang (dwisuku), conto kecap : bapa >> ba-pa
     c)   Tilu engang (trisuku), conto kecap : kalapa >> ka-la-pa
     d)   Opat engang (catursuku), conto kecap : andalemi >> an-da-le-mi
     e)   Lima engang (pancasuku), conto kecap : murukusunu >> mu-ru-ku-su-nu
2.  Vokal dina basa Sunda bisa madeg mandiri jadi engang, contona: a-ki, e-ma, i-eu.

3.   Konsonan dina basa Sunda teu bisa madeg mandiri jadi engang.

4.  Konsonan ngantet (kluster) basa Sunda salawasna nyicingan posisi di awal kecap, taya nu nyicingan posisi di tungtung kecap iwal nu mangrupa pangaruh basa deungeun, contona: -ks dina kecap /kompleks/.

5.  Konsonan kadua dina runtuyan konsonan ngantét umumna mangrupa konsonan /l/, /r/, /w/, jeung, /y/; sok sanajan nu dituturkeun ku /w/ jeung /y/ mah pohara saeutikna.



Wangunan Engang


Wangunan engang mangrupa susunan vokal atawa pabaurna vokal jeung konsonan dina hiji engang. Wangunan engang atawa pola kanonik basa Sunda téh kieu : (conto dina engang kahiji)

a)    V : a-ya, i-mah, u-ba, é-céng, e-ma, é-ta, jste.

b)   VK : an-cin, an-tep, un-cal, én-tog, jste.

c)    KV : ca-i, ba-pa, na-on, ré-a, se-lop, jste.

d)   KVK : buk-ti, tun-duh, kon-ci, ban-ter, jste.

e)   KKV : nyo-co, nyu-gak, tri-plék, nga-jleng, jste.

f)     KKVK : ngan-tét, ngam-par, prak, jste.



Jaba ti éta, ku aya pangarung basa kosta, basa Sunda, mikawanoh wangunan engang kieu :

a)    VKK : ons, éks, ang-go, ang-kat.

b)   KVKK : teks, kon-téks, tong-gong.

c)    KKVKK : kom-pléks, nyang-sang, prung.

d)   KKKV : stra-té-gi, stra-ta.

e)   KKKVK : struk-tur, in-struk-si.

f)     KVKKK : korps.



V : Vokal

K : Konsonan

Dicutat tina : Élmuning Sora Basa Sunda (Dr. Yayat Sudaryat, M.Hum.)
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar