Selasa, 16 Januari 2018

KECAP ANTEURAN

411 KECAP ANTEURAN
(Tatang Sumarsono)



Dina basa Sunda aya nu disebut Kecap Panganteur (Kecap Anteuran), boh kecap panganteur pagawéan boh kecap panganteur kaayaan. Ieu kecap téh gunana pikeun ngantebkeun caritaan. Urang titénan geura...!


1 am >> am dahar, am huapkeun
2 bar >> bar ngampar
3 barabat >> barabat nyarita
4 baragadal >> baragadal ditaranjang
5 barakatak >> barakatak seuri
6 baranyay >> baranyay ngabatréan
7 bay >> bay ngambay
8 bér >> bér mébér
9 bérébét >> bérébét dibedil
10 béréwék >> béréwék soéh
11 becir >> becir lumpat
12 bek >> bek dahar, bek neunggeul, bek saré
13 belecet >> belecet lumpat
14 beledug >> beledug bitu (tarik)
15 belenyéh >> belenyéh seuri
16 belenyeng >> belenyeng lumpat
17 belesat >> belesat ngapung, leupas
18 belesur >> belesur leupas
19 beletak >> beletak néké, beletak nyarita
20 beletok >> beletok potong
21 beletuk >> beteluk bitu
22 belewek >> belewek dahar, belewek huapkeun
23 beng >> beng alungkeun, beng indit, beng ngapung, beng disépak
24 ber >> ber hiber, ber indit, ber mimitian
25 berebet >> berebet lumpat
26 berekbek >> berekbek titeuleum
27 berengbeng >> berengbeng lumpat
28 bereset >> bereset bijil
29 beretek >> beretek lumpat
30 bes >> bes bebeskeun, bes tubles
31 bet >> bet sabet, bet tigas
32 bier >> bier indit
33 biribit >> biribit lumpat
34 biur >> biur indit
35 blak >> blak muka, blak nangkarak
36 bleg >> bleg ragrag, bleg labuh
37 blek >> blek labuh, blek tisiblek
38 bleng >> bleng luncat
39 bles >> bles ambles, bles tubles
40 blok >> blok bahé, blok séblok
41 blug >> blug ragrag, blug labuh, blug nutup
42 bluk >> bluk labuh, bluk nangkuban, bluk nyuuh
43 blus >> blus asup
44 bol >> bol datang
45 bolonyon >> bolonyon lésot
46 borobot >> borobot runtuh, borobot disada
47 borojol >> borojol ngajuru, borojol ngaborojol
48 borolo >> borolo bahé, borolo utah
49 brah >> brah bedah
50 brak >> brak dalahar
51 bral >> bral arindit
52 bray >> bray muka, bray caang
53 bréh >> bréh ébréh, bréh kapanggih, bréh katénjo
54 brél >> brél disunatan
55 brét >> brét dikeureut
56 bréng >> bréng nyingsring
57 breg >> breg ngambreg, breg hujan, breg  perang, breg teundeun, breg ditumbak
58 brek >> brek cingogo, brek gering, brek mendék, brek teundeun
59 breng >> breng arindit, breng haliber, breng mimitian, breng tabeuh
60 bres >> bres asupkeun, bres kacugak, bres kulub, bres mandi
61 bret >> bret ngarit, bret mangkas, bret pegat
62 bring >> bring arindit
63 bro >> bro méré, bro peupeus, bro teundeun
64 brol >>  brol ngajuru
65 bros >> bros ngagebros, bros tiporos
66 bru >> bru nambru, bru runtuh, bru teundeun
67 brug >> brug runtuh, brug nutup
68 brul >> brul ngaburudul, brul budal
69 brus >> brus asupkeun, brus kulub, brus mandi
70 brut >> brut hitut
71 bul >> bul ngambul, bul ngebul, bul ngukus
72 bulubus >> bulubus abus, bulubus asup
73 burubut >> burubut >> burubut hitut, burubut ragrag
74 burulu >> burulu bahé
75 burusut >> burusut ngaburusut, burusut ngajuru
76 bus >> bus abus, bus asup
77 but >> but labuh, but ragrag
78 cag >> cag écag
79 caleuhak >> caleuhak
80 cat >> cat mancat
81 cé >> cé neté
82 cék >> cék ngadék
83 cér >> cér kiih
84 cét >> cét dipeuncit
85 ceb >> ceb naceb, ceb cecebkeun
86 cedok >> cedok nyembah
87 ceg >> ceg nyekel
88 cel >> cel mecel
89 celebek >> celebek 
90 celegedeg >> celegedeg nangtung
91 celegeneng >> celegeneng nangtung
92 celengceng >> celengceng indit
93 celengok >> celengok nyium
94 celepot >>  celepot nyium
95 celetit >> celetit nyiwit
96 celetot >> celetot nyiwit
97 ceng >> ceng ngaceng
98 cep >> cep nyecep
99 ceplak >> ceplak diomongkeun
100 ceplus >> ceplus asup
101 ceprut >> ceprut hitut
102 cer >> cer ngacer, cer kiih, cer mancer
103 cereleng >> cereleng kiih, cereleng mancer
104 cet >> cet nyingcet
105 cetrék >> cetrék ngahurungkeun
106 cig >> cig indit
107 cing >> cing kadieukeun
108 cir >> cir ngacir
109 cis  cis ngencis
110 clak >> clak tumpak, clak nyakclak
111 clé >> clé nyéngclé
112 cleg >> cleg eunteup
113 cleng >> cleng ngancleng, cleng luncat
114 clep >> clep nanceb
115 clik >> clik ragrag
116 clo >> clo nyongclo
117 clog >>  clog ngaclog, clog eunteup
118 clom >> clom dianclomkeun
119 clung >> clung dikunclungkeun
120 cok >> cok macok
121 col >> col dicocolkeun
122 cong >> cong nyembah
123 cor >> cor ngocor
124 cos >> cos nojos
125 créng >> créng mayar
126 crot >> crot nyiduh
127 crub >> crub ancrub
128 cruk >> cruk macul
129 cul >> cul diantep, cul tinggalkeun, cul tunda
130 cung >> cung ngacung
131 cur >> cur hujan, cur dicician, cur dikucurkeun
132 curuluk >> curuluk turun
133 curulung >> curulung turun
134 cus >> cus éwéan
135 daradad >> daradad nyarita
136 deg >> deg ngadeg, deg diadegkeun
137 dek >> dek adek, dek dipigawé
138 deker >> deker dahar, deker dipigawé
139 dengék >> dengék ceurik
140 der >>  der dimimitian, der gelut, der nyarita, der perang, der paséa, der ngider
141 deregdeg >> deregdeg lumpat
142 derekdek >> derekdek nyarita, derekdek diderekdekkeun
143 des >> des pingges
144 dius >> dius indit
145 dor >> dor dibedil, dor bitu, dor disada
146 dorodod >>  dorodod dibedil
147 dorokdok >> dorokdok peunggas
148 dug >>  dug ngedeng, dug saré
149 dur >> dur ditabeuh
150 durugdug >> durugdug digusur, durugdug  lumpat
151 gableng >> gableng luncat
152 gables >>  gables ditubles, gables kacugak, gables ditojos
153 gabres >>  gabres ditewek, gabres kacugak
154 gabrug >> gabrug dirontok
155 gajleng >> gajleng luncat
156 galasar >> galasar digalasarkeun
157 gampleng >> gampleng nampiling
158 gantawang >> gantawang nyarékan
159 gap >> gap ngaragap
160 gaplok >> gaplok nyabok
161 gapruk >> gapruk diadu, gapruk ngarontok
162 garapak >> garapak ngagarapak, garapak hiber
163 garawak >> garawak nyarékan
164 gawawak >> gawawak nyarékan
165 gék >> gék diuk
166 géléhé >>  géléhé ngagéléhé
167 gérésél >>  gérésél dipeuncit
168 géréwék >>  géréwék ceurik, géréwék ngageroan
169 géwéwék >>  géwéwék ceurik 
170 gebeg >> gebeg ngagebeg
171 geblig >> geblig leumpang
172 geblok >> geblok tamplok
173 geblug >> geblug labuh, geblug ragrag, geblug dijual, geblug dipeundeutkeun
174 geblus >> geblus abus, geblus asup
175 gebray >> gebray muka, gebray caang
176 gebrét >> gebrét hujan
177 gebro >> gebro dibéré, gebro peupeus, gebro diteundeun
178 gebros >> gebros tiporos, gebros ngagebros
179 gebru >> gebru labuh, gebru runtuh, gebru diteundeun, gebru ditambrukeun
180 gebrug >> gebrug ditutupkeun
181 gebrus >> gebrus mandi, gebrus kulub, gebrus tigebrus
182 gebrut >> gebrut hitut
183 gebut >> gebut labuh, gebut ragrag, gebut dijual
184 gecos >> gecos ditewek, gecos ditojos
185 gejebur >> gejebur mandi
186 gejlig >> gejlig turun, gejlig ngagejlig
187 gejos >> gejos ditewek, ditojos
188 gel >> gel ditugel, gel digunting
189 geleber >> geleber hiber
190 gelenceng >> gelenceng lésot
191 gelenyu >> gelenyu imut
192 geleser >> geleser maju
193 geleyer >> geleyer maju
194 gen >> gen nangtung, gen ditagenkeun
195 genyenyeng >> genyenyeng dibawa
196 gep >> gep ngégél
197 geplak >> geplak neunggeul
198 geprak >> geprak diadu
199 gepré >> gepré peupeus
200 gepro >> gepro peupeus
201 ger >> ger hujan, ger paséa, ger perang, ger seuri
202 geredeg >> geredeg dikaput, geredeg dipigawé
203 gerewek >> gerewek ditéwak
204 gero >> gero ngageroan
205 ges >> ges pingges
206 géwéwék >> géwéwék ceurik
207 gewewek ngegél
208 gidig >> gidig leumpang, gidig ngagidig
209 gilincing >> gilincing indit
210 gilisir >> gilisir ngagilisir
211 giriwil >> giriwil dijait, giriwil diangkat
212 giwiwing >> giwiwing dibawa
213 gok >> gok amprok, gok patepung
214 golédag >> golédag saré
215 golokgok >> golokgok utah
216 golombrang >> golombrang ragrag
217 goloncong >> goloncong labuh, goloncong tigoloncong
218 gulontor >> gulontor ngocor
219 golosor >> golosor méré, golosor ngagolosor
220 goloyoh goloyoh saré
221 gombrang >> gombrang ragrag, gombrang disada
222 gontowong >> gontowong nyarékan
223 goréhél >> goréhél kapanggih
224 gorolong >> gorolong ngagorolong
225 gorowok >> gorowok ngagorowok, gorowok nyalukan
226 gubrag >> gubrag ragrag, gubrag ngagubrag
227 gudrud >> gudrud nulis
228 gudubrag >> gudubrag ragrag, gudubrag ngagudubrag
229 gujubar >> gujubar tigujubar
230 gulantung >> gulantung digantung
231 gulawing >> gulawing ngagulawing, gulawing digantung
232 gulidag >> gulidag raah
233 guluprak >> guluprak ragrag
234 gulusur >> gulusur maju, gulusur ngagulusur
235 guprak >> guprak ragrag
236 gur >> gur mirunan, gur ngadurukan, gur hurung
237 gurawil >> gurawil ngagurawil
238 gurinjal >> gurinjal hudang
239 gurubug >> gurubug ngagurubug
240 gurudug >> gurudug digusur
241 gurudag >> gurudag datang
242 gurujag >> gurujag datang
243 gurutak >> gurutak datang
244 gurutuk >> gurutuk ditegarkeun
245 gutrut >> gutrut nulis
246 habek >> habek diteunggeul
247 héat >> héat narajang
248 hékak >> hékak dahar
249 héos >> héos kaambeu bau
250 heup >> heup eureun
251 hing >> hing ceurik
252 hol >> hol datang
253 hos >> hos paéh
254 jebét >> jebét neunggeul
255 jeblag >> jeblag muka
256 jeblus  jeblus asup
257 jebot >> jebot neunggeul
258 jebréd >> jebréd ngarangkét
259 jebrod >> jebrod ngarangkét
260 jebrud >> jebrud pegat
261 jebul datang
262 jedak >> jedak diadu, jedak neunggar, jedak didagorkeun
263 jedud >> jedud ngajedud, jedud nyetrum, jedud dicabut
264 jegér >> jegér dibedil, jegér diadu
265 jegog >> jegog ngagogog
266 jegoh >> jegoh batuk
267 jegur >> jegur bitu, jegur hurung
268 jekék >> jekék disépak
269 jekok >> jekok nonjok
270 jelegér >> jelegér dibedil
271 jelegur >> jelegur bitu
272 jelengit >> jelengit nyeri beuteung
273 jeletot >> jeletot nyiwit, jeletot nyoco, jeletot ngégél
274 jemprung >> jemprung pegat
275 jep >> répéh, jep jempé
276 jeprét >> jeprét dikonci, jeprét dipotrét
277 jeprot >> jeprot dipanah
278 japrut >> jeprut pegat
279 jetot >> jetot nyiwit, jetot ditewek
280 jetruk >> jetruk titajong
281 jetut >> jetut dicabut
282 jig >> jig indit
283 jleg >> jleg turun, jleg ngajirim
284 jleng >> jleng luncat
285 jlig >> jlig turun, jlig ngagejlig
286 jog >> jog anjog
287 jol >> jol datang
288 jolag-jolag >> jolag-jolag leumpang
289 jorélat >> jorélat indit
290 jor >> jor mantog
291 jos >> jos nojos
292 jrél >> jrél ngajuru, jrél méjrél
293 jrut >> jrut turun, jrut ngajrut
294 jug >> jug ngajugjug
295 jung >> jung indit, jung nangtung, jung jungjungkeun
296 jut >> jut turun  
297 kalacat >> kalacat unggah, kalacat naék
298 kalieus >> kalieus miceun beungeut
299 kaplok >> kaplok nyabok
300 kéclak >> kéclak tumpak
301 kérésék >> kérésék disada
302 kéréwék   kéréwék soék
303 kecék >> kecék ngadék
304 kecebes >> kecebes mandi
305 keclak >> keclak nyakclak
306 keclik >> keclik ragrag
307 kecok >> kecok macok
308 kecos >> kecos nojos
309 kecrot >> kecrot nyiduh
310 kecruk >> kecruk macul
311 kedewek >> kedewek didahar, kedewek dicokot
312 kek >> kek nyekel
313 kelepek >> kelepek kapaéhan
314 keleper >> keleper hiber
315 keleweng >> keleweng dialungkeun
316 keleyeng >> keleyeng ngider
317 kencling >> kencling indit
318 keplas >> keplas ditilas
319 keplos >> keplos abus, keplos asup
320 ker >> ker kérék
321 kerebek >> kerebek teuleum
322 kerekek >> kerekek didengkék
323 kerelep >> kerelep teuleum, kerelep titeuleum
324 kereles >> kereles indit, kereles ngaleungit
325 kerepek >> kerepek sakarat
326 keresek >> keresek disada
327 kerewed >> kerewed dibanda
328 kerewek >> kerewek dicekel
329 kerewes >> kerewes dicakar, kerewes didahar
330 key >> key seuri
331 kiclik >> kiclik ngingiclik, kiclik nuturkeun
332 kiliwing >> kiliwing dijingjing, kiliwing dialungkeun
333 kocéak >> kocéak ngocéak, kocéak ngajerit
334 kod >> kod digandong
335 kodomang >> kodomang ngarongkong
336 koléang >> koléang diangkat
337 kolényay >> kolényay dibatréan
338 kop >> kop dicokot, kop didahar, kop méré
339 koréjat >> koréjat hudang
340 koséwad >> koséwad tikoséwad
341 kotrét >> kotrét ditulis, kotrét dicekeskeun
342 kowowong >> kowowong ceurik
343 kulapés >> kulapés ngulapés, kulapés leuleus
344 kuncieur >> kuncieur indit
345 kuniang >> kuniang hudang
346 kunyunyud >> kunyunyud disanggut
347 kurunyung >> kurunyung datang
348 kurutak >> kurutak datang
349 lar >> lar ngaliwat
350 lat >> lat poho
351 lay ngelay, lay ngacay
352 lédak >> lédak diolésan, lédak diwedak
353 lékék >> lékék dipeuncit
354 léong >> léong indit, léong palid
355 léor >> léor ngaléor
356 léos >> léos indit
357 leg >> leg dilegleg
358 leguk >> leguk diinum
359 leketey >> leketey ngaleketey, leketey sedih
360 leng >> leng lieur, leng kapaéhan
361 enggerek >> lenggerek kapaéhan
362 lenggut >> lenggut nundutan
363 lep >> lep teuleum, lep kalebuh, lep ngelelep, lep tilepkeun, lep titeuleum
364 les >> les leungit
365 leugeudeut >> leugeudeut ngaleut
366 leut >> leut ngaleut
367 ley >> ley ngaley, ley leleykeun
368 leyé >> leyé ditincak
369 lod >> lod ngagedéan
370 logodor >> logodor bijil
371 lol >> lol ngelol, lol nolol
372 los >> los indit
373 luk >> luk tungkul
374 lung lung alungkeun
375 meg >> meg handeueul
376 neg >> neg hereneg
377 neut >> neut hudang
378 ngék >> ngék ceurik
379 ngéng ngéng ceurik
380 ngok >> ngok nyium
381 ngong >> ngong ngaji, ngong tembang
382 nod >> nod menod
383 nyah >> nyah beunta
384 nyat >> dijait
385 nyéh >> nyéh seuri
386 nyed >> dikenyed, ngerenyed
387 nyel >> ambek
388 nyen >> imut
389 nyot >> dikenyot, udud
390 orolo >> utah
391 paralak >> hujan
392 pelenyun>> udud
393 pes >> pareum
394 pluk >> murag
395 pok >> ngomong
396 pudigdig >> ambek
397 rap >> dibaju, maké pakéan
398 réngkénék >> ngigel
399 reg >> eureun
400 regot (rot) >> nginum
401 rep >> tiis, jempé
402 reup >> peureum, poék, saré
403 rey >> sieun
404 sebrut >> narajang
405 sedut/dut >> hitut
406 segruk >> ceurik
407 sirinting/sirintil >> nyampeurkeun
408 sot >> dilésotkeun, ménta dilésotkeun
409 srek >> paantel kulit, rasa haté
410 térékél >> naék
411 trét >> nulis

Tidak ada komentar:

Posting Komentar