Di Tatar Sunda sok
aya anu kasebutna hiji patempatan anu ngaranna geus ilahar kasebut kusaha waé,
mung teu sakedik anu teu apal hartina. Ayeuna urang guar naon waé hartina tina
éta pangaranan téh...
ALUN-ALUN : tanah lapang (hareupeun kacamatan,
kabupatén, masjid agung, jsb)
BABAKAN : lembur anyar
BABANTAR : lebah walungan anu léah sarta déét
BOBOJONG : jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
BUBULAK : sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir
DAYEUH : kota, tempat padumukan jelema nu réa imah, biasana jadi puseur pamaréntahan, jsb
DUNGUS : runyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet.
HUMA : tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan paré tur tara dikocoran cai
JUNGKRANG : legok nu jero sarta sisi-sisina gurawés
KARÉÉS : sisi walungan nu réa keusikan (mun di sisi laut, basisir)
KEBON : tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan
LAMPING : lebah gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan
LEBAK : tempat anu aya di sahandapeun tempat urang cicing
LEGON : lebah basisir nu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
LEMBUR : kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah
MONGGOR/MOMONGGOR : sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
MUHARA/MUARA : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé
MUMUNGGANG/GEGER : lebah gunung nu pangluhurna (tonggong gunung)
PASIR : gunung leutik sarta handap
REUMA : tanah darat urut huma
RORAH : cai ngocor, sarupa jeung susukan, ayana di leuweung
SABANG : tanah darat nu dihapit ku dua walungan
SAMPALAN : tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
SITU : sarupa jeng balong ngan leuwih gedé, leuwih lega (biasana walungan nu dibendung sok ngajangélék jadi situ)
SOMANG : jurang gurawés sarta jero
TANJUNG : jojontor, tanah nu nyodor ka laut
TARIKOLOT : tempat urut lembut
TEGALAN : tanah lega tur rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul
TELUK : basisir nu ngelok ka darat
TEPIS WIRING : sesebutan séjén pikeun pasisian atawa pilemburan
TETELAR : tanah datar di tengah sawah nu henteu kahontal ku cai, sok dipaké ngangon
TONGGOH : tempat anu aya di saluhureun tempat urang cicing
TUTUGAN GUNUNG : gunung beulah handap (suku gunung)
WAHANGAN : walungan, ngocor caina gedé ti girang ka muara

Guaran : Idjjem Urang Sunda Aseli
Dicutat tina : Grup Nyarios Sunda - https://www.facebook.com/groups/basasunda/

Tidak ada komentar:
Posting Komentar