Novel, Carpon atawa Fikmin,
tiluanana mangrupakeun Sastra dina rupa tulisan, namung diantara anu tilu éta
aya ogé anu ngabédakeunana. Dina ieu pedaran urang jéntrékeun naon nu
ngabédakeun tina tilu widang sastra éta.
NOVEL
Mangrupakeun karya
fiksi prosa anu ditulis walatra, ilaharna mangrupa carita. Anu nyieun atawa
pangarang novel disebut ogé Novelis,
kecap novel diserep tina basa Itali, nyaéta Novella
anu hartina hiji carita atawa sapotong warta/berita. Carita novel leuwih
panjang atawa leuwih loba jumlah kecapna tibatan carpon, komo deui jeung Fikmin
mah, tur leuwih mangkak tina eusina. Umumna hiji novel nyaritakeun tokoh jeung
paripolahna dina kahirupan sapopoé.
Lobana kecap anu dipaké,
ti 50.000 kecap dugi 110.000 kecap.
CARPON
Carpon atawa Carita
Pondok mangrupakeun carita fiksi prosa anu fiktif (teu dikieuna). Dina lobana
kecap anu dipaké, carpon saeutik tibatan Novel, tapi leuwih loba batan Fikmin,
ogé dina eusina langsung kana poko pasualan.
Lobana kecap anu dipaké,
ti 1.000 kecap dugi 7.500 kecap
FIKMIN / FIKSI MINI
Fiksi mini asalna tina
dua kecap, nyaéta fiksi jeung mini (pondok). Jadi Fiksi mini bisa disebut
carita pondok, namung anu ngabédakeunana tina lobana kecap anu dipaké. Dina
alur jeung tungtung carita fiksimini disimpulkeun ku nu macana, tangtu
gumantung kana rasa tur pangarti anu macana, anu hartina anu macana anu
nyimpulkeun kumaha eusina éta carita.
Dina Fiksimini, antara
anu maca jeung anu nulisna moal tangtu sarua dina neuleuman carita, sabab aya kabébasan
ti nu macana keur nyawang néang rasa dina carita anu dijieun ku pangarang.
Mangkana Fiksimini mangrupakeun hiji widang sastra anu pondok kacida, tur maké
basa anu merenah tur jejer carita anu éndah. Fiksi mini bakal katingali tegep
nalika eusi carita anu jero keur neuleuman rasana.
Dina munggaran ayana,
Fiksimini ukur diwangun ku 6 kecap (taun 1920 ku Ernest Hemingway),
kiwari aya anu ngawatel deui dugi 50 kecap, ka béh dieunakeun dilogoran deui
jadi 150 kecap (dina www.fikminsunda.com)
Dicutat tina :
Tidak ada komentar:
Posting Komentar