Pancakaki nya éta hiji sistem
nu ngagambarkeun hubungan kulawarga. Bangsa-bangsa di dunya atawa nu basana
béda bisa waé ngabogaan pola-pola nu ampir sarua. Upami kitu, narjamahkeun hiji
istilah ka basa séjén minangka pagawéan nu teu susah. Ngan sakapeung,
panarjamah héséeun narjamahkeun istilah-istilah pancakaki ti bangsa nu sistemna
béda.
Dina adat istiadat urang Sunda, pancakaki téh ngabogaan dua
harti. Kahiji, pancakaki téh hartina pernahna jalma ka jalma deui anu
sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh. Upamana baé, kumaha pancakakina si
Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, paman, bibi, anak, incu,
buyut. alo, suan, jsté. Kadua, pancakaki téh hartina mapay perenahna
kabarayaan.
- Ka handap :
1.
anak: turunan kahiji(turunan pertama)
2.
incu: turunan kadua, anak ti anak
(cucu, turunan kedua, anak dari anak)
3.
buyut: turunan katilu, anak ti incu
(cicit, turunan ketiga, anak dari cucu)
4.
bao: turunan kaopat, anak ti buyut
(turunan keempat, anak dari buyut)
- Ka luhur :
- bapa: ayah
- indung: ibu
- aki: kakek, ayah dari ayah/ibu
- nini: nenek, ibu dari ayah/ibu
- uyut: ayah/ibu dari kakek/nenek
- bao: ayah/ibu daru uyut
- janggawaréng: ayah/ibu dari bao
- udeg-udeg: ayah/ibu dari janggawaréng
- kakait siwur: ayah/ibu dari udeg-udeg
- karuhun: silsilah ke atas yang sudah meninggal
- sesepuh: silsilah ke atas yang masih hidup
- Ka gigir:
- lanceuk: abang/kakak, saudara laki-laki/perempuan yang lebih tua
- adi: adik, saudara laki-laki/perempuan yang lebih muda
- uwa: saudara laki-laki/perempuan yang lebih tua (abang/kakak) dari ayah/ibu
- paman/emang: saudara laki-laki yang lebih muda (adik) dari ayah/ibu
- bibi: adina bapa/indung (awéwé)
- alo: keponakan, anak dari adik
- suan: keponakan, anak dari bag kakak
- aki ti gigir: kakek, saudara kandung laki-laki (abang/adik) dari kakek/nenek
- nini ti gigir: nenek, saudara kandung perempuan (kakak/adik) dari kakek/nenek
- kapilanceuk: sepupu, anak abang/kakak dari ayah/ibu
- kapiadi: sepupu, anak adik dari ayah/ibu
- incu ti gigir: incuna adi
- emang ti gigir: anakna adi aki/nini (lalaki)
- bibi ti gigir: anakna adi aki/nini (awéwé)
- Katalian ku Laki rabi / Perkawinan:
- Salaki : suami
- pamajikan : istri
- mitoha : mertua
- minantu : menantu
- lanceuk beuteung : abang/kakak ipar, abang/kakak kandung dari suami/istri
- adi beuteung: adik ipar, adik kandung dari suami/istri
- Anak:
- tunggal: anak tunggal
- cikal: anak sulung, anak yang lahir pertama
- panengah: anak tengah, anak yang lahir tengah-tengah (biasanya untuk jumlah anak ganjil)
- pangais bungsu: abang/kakak dari anak bungsu, urutan kedua dari bawah
- bungsu: anak bungsu, anak yang lahir terakhir
- Istilah Séjén:
- lanceuk sabrayna: abang/kakak sepupu yang masih satu turunan dari kakek/nenek
- adi sabrayna: adik sepupu yang masih satu turunan dari kakek/nenek
- dulur pet ku hinis: saudara kandung, saudara satu ibu dan satu bapak
- dulur sabaraya:dulur pisan, anakna emang/bibi jeung ua
- dulur teges: dulur enya saindung sabapa
- indung téré: pamajikan Bapa lain anu ngalahirkeun urang
- bapa téré: salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir
- anak téré : anak sampakan ti lalaki/pamajikan
- dulur patétéréan: anak indung/bapa téré
- baraya laér: baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh
- teu hir teu walahir: teu baraya saeutik-eutik acan
- bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér
- baraya: sakur anu aya pancakakina
- bésan: indung/bapana minantu
- dahuan: salaki atawa pamajikanna lanceuk
Tidak ada komentar:
Posting Komentar