![]() |
| Situ Aksan taun 1933 |
SITU AKSAN (KARI CARITA)
Saupama nganjang ka wewengkon Jalan
Situ Aksan – Suryani, deukeut wewengkon Cibuntu, anu katelah ku Tahu Cibuntuna,
kiwari ngadeg komplek agréng. Perenahna tonggongeun Puslitbang Mineral,
Jalan Sudirman Bandung. Baheulana di éta patempatan kungsi aya situ anu katelahna
Situ Aksan. Dina mangsana, Situ Aksan dipaké pikeun tempat pangulinan anu
kakoncara di dayeuh Bandung. Jalma anu datang bisa lalayaran di tengah situ.
![]() |
| Gapura Situ Aksan |
Pamaréntah Hindia Walanda méré
ngaran ka éta situ anu jadi tempat pangulinan ku ngaran Westerpark (taman di
wétan), tapi urang dinya resep nyebut jadi Situ Aksan, sabab ngaran anu bogana
Haji Aksan. Sedengkeun jalan anu nyambungkeun Westerpark jeung Grote Postweg
(Jalan Raya Pos, ayeuna Jalan Sudirman) disebut Westerparkweg. Ayeuna
Westerparkweg dipikawanoh ku ngaran Jalan Suryani. Situ Aksan nu ngabogaan hiji
pulo leutik di tengah anu mana bisa kahontal ku parahu, ieu mangrupakeun tempat
piknik paling dipikaresep dina taun 1950 nepi ka 1960. Paparahuan di Situ Aksan
mangrupa kagiatan rekreasi paporit warga Bandung dina mangsana.
![]() |
| Westerpark Sitoe Aksan |
Saban poé Minggu loba jalma anu
datang ka éta situ, ngabring jeung kulawarga atawa balad-baladna, harita anu
daratang maké oplét, beus DAMRI jeung kéréték/délman, aya ogé anu ngahajakeun
leumpang. Harita hawa bandung beresih kénéh, sabudeuerun situ karungkup
halimun. Di tengah situ aya pulo leutik, di éta pulo sok aya panggung hiburan
keur anu daratang. Anu resep nguseup mah song ngahaja marekel jeujeur,
maranéhna dariuk di sisi situ. Anu teu resep nguseup mah sok ngariung bari
murak timbel anu ngahaja dibekel ti imahna.
![]() |
| Parahu paranti lalayaran di Situ Aksan |
![]() |
| Lalayaran di Situ Aksan |
Situ Aksan dipercaya ku urang
Bandung salaku sésa ti Danau Purba Situ Hyang nu ayeuna geus ngiles ku wanci.
Carita titilar Situ Hyang kabentuk ku walungan Citarum Purba anu kapengpet ku
lahar alatan bituna Gunung Tangkuban Parahu. Situ Hyang bedah tur ngajadi
leuwih ti dua belas aliran walungan anu mapay suku gunung sabudeureun Bandung,
anu muarana ka Walungan Citarum.
![]() |
| Acara di Situ Aksan taun 1957 |
Kaayaan anu asri, tingtrim, hieum,
héjo jeung tiis méré kaéndahan Situ Aksan dina mangsana. Hanjakalna kaayaan
saperti ngan kitu ukur bisa dirasakeun nepi ka taun 1970. Dina awal 1970, Situ
Aksan mimiti nyaatan alatan pangwangunan padumukan di sabeureunana. Legana Situ
Aksan beuki heureut, nepi ka awal taun 1980 Situ Aksan ukur ngan saukuran
balong useup. Nepi ka pamustunganana dina awal 1990, Situ Aksan bener-bener teu
nyésa. Kiwari urang geus teu bisangarasakeun tur ningali kaéndahan éta situ.
Kiwari carita Situ Aksan ukur sabiwir hiji ti papada jalma anu kungsi ngalaman,
sarta maca tina sababaraha buku jeung pedaran.
![]() |
| Peta Situ Aksan taun 1920 |
Kawih Situ Aksan
Almarhum Mang Koko, ngaabadikeun Situ Aksan baheula dina kawih anu dijudulan Situ Aksan taun 1961, dihaleuangkeun ku Euis Nengsih.
SITU AKSAN
(Mang Koko Koswara)
(Mang Koko Koswara)
Situ Aksan... Situ Aksan
Pelesiran jeung lalayaran
Andom suka seuseurian
Sempal guyon jeung gogonjakan
Situ Aksan... Situ Aksan
Matak betah mapay tambakan
Dipasieup kekembangan
Matak seger nu jalan-jalan
Situ Aksan... Situ Aksan
Keur panglipur manah sungkawa
Tempat sirna pangbeberah
Nu nandang lara asmara
Situ di Kota Bandung
Panundung pikir keur bingung
Situ Aksan tempat resmi narik asih
Cain cur cor hejo beresih
Mayarna teu sabaraha
Nu teu mampuh ge kaduga
Situ Aksan... Situ Aksan
Silih kaleng hiji pasangan
Tepak toel gogonjakan
Horeng geuning anyar tunangan
Pelesiran jeung lalayaran
Andom suka seuseurian
Sempal guyon jeung gogonjakan
Situ Aksan... Situ Aksan
Matak betah mapay tambakan
Dipasieup kekembangan
Matak seger nu jalan-jalan
Situ Aksan... Situ Aksan
Keur panglipur manah sungkawa
Tempat sirna pangbeberah
Nu nandang lara asmara
Situ di Kota Bandung
Panundung pikir keur bingung
Situ Aksan tempat resmi narik asih
Cain cur cor hejo beresih
Mayarna teu sabaraha
Nu teu mampuh ge kaduga
Situ Aksan... Situ Aksan
Silih kaleng hiji pasangan
Tepak toel gogonjakan
Horeng geuning anyar tunangan
Obah Basa : Andi Rustandi Sunarya
Dicutat tina :
-
http://bandungdansekitarnya.blogspot.co.id/2011/08/situ-hyang-dan-legenda-sangkuriang.html
-
https://bagusrully.wordpress.com/2009/02/17/situ-aksan-riwayatmu-kini/







Tidak ada komentar:
Posting Komentar